Pentingna Ngamumulé Budaya (bagean 1)
Drs. Dodo Suwondo, MSi ( FB. Hyang Purwa Galuh )
Baca Juga:
Tarékah Ngamumulé jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Sunda
Delman: Sebuah Alat Transportasi Budaya
Para Camat dan Kepala Sekolah Berdialog Budaya
Dinas Dikbud Kuningan Genjot Pelestarian Kebudayaan Daerah
Sekdes Tercerahkan Sosialisasi UU Pemajuan Kebudayaan
Pendidikan Berbasis Kearifan Lokal
Rany Optimis Pengembangan Potensi Wisata Sejarah dan Budaya di Kuningan
Luar Biasa, Rudat Masih Dilestarikan Masyarakat Kuningan
Saatnya Move On Pada Budaya Kuningan
Disusun jeung
ditetepkeunna éta dua undang undang téh tangtu lain keur ngan saukur
ngalengkepan administrasi hukum katatanagaraan, tapi mémang kudu
diimpléméntasikeun dina kanyataan. Pamaréntah Daérah sasat boga kawajiban
ngalaksanakeun sagala katangtuan anu geus natrat dina éta undang undang. Kulantaran
pentingna ngokolakeun kabudayaan daerah pikeun pelestarian jeung pemajuan
kabudayaan anu berbasis kearifan budaya lokal, Presiden ngadeudeul ku Peraturan Presiden Republik Indonesia Nomor 55 tahun 2018 ngeunaan Tata Cara Penyusunan
Pokok Pikiran Kebudayaan Daerah Dan
Strategi Kebudayaan. Jadi sacara tehnis éta pérprés baris ngatur kumaha
carana sangkan kabudayaan daérah bisa jadi paktor pangrojong kana kamajuan
kabudayaan nasional. Nya poko-poko
pikiran kabudayaan daérah jeung strategina anu kudu
disusun ku daérah dumasar kana banda budaya anu aya di daérah sewang-sewangan.
Lantaran éta
Presiden ngamanatkeun ka Kemendikbud sangkan nyieun Peraturan Mentri anu patali
jeung hal éta. Ti dinya laju turun Peraturan
Menteri Pendidikan dan Kebudayaan Republik Indonesia Nomor 45 Tahun 2018 ngeunaan
Pedoman Penyusunan Pokok
Pikiran Kebudayaan Daerah. Ieu Permen teh
mangrupa palanggeran pikeun daerah sangkan dina nyusun poko-poko
pikiran kabudayaan daérah jeung strategi kabudayaan
daérah téh polana henteu mancawura, tapi aya kaseragaman antara
hiji daérah jeung daérah séjénna. Lian ti kitu tangtuna oge sangkan bisa kaukur
piwaragadeunana.
Merhatikeun
sababaraha undang undang jeung sababaraha peraturan eta, nya daerah boga
inisiatif nyusun Peraturan Daerah, saperti medalna Peraturan
Daerah Kabupaten Kuningan Nomor 8 Tahun 2018 ngeunaan
Pelestarian Kebudayaan
Daerah; jeung Peraturan
Bupati Kuningan Nomor 62 tahun 2020 ngeunaan
Dewan Kebudayaan
Kabupaten Kuningan. Ieu dua peraturan téh mangrupa pakakas pikeun miara, ngamumulé, mekarkeun,
sarta ngamajukeun kabudayaan daérah.
Laju saha ari
pialang budaya? Naon fungsi pialang budaya? Jeung kumaha peranna pialang
budaya?
Dumasar
kalungguhanana mah anu boga wewenang jadi pialang budaya téh tangtu para
pejabat panangtu kawijakan, sabab nya éta pisan anu boga kawajiban nangtayungan
kaarifan budaya lokal. Ti mimiti pucuk pingpinan pangluhurna, SKPD-SKPD, para
Camat, nepi ka Kalurahan jeung Désa─di tingkat panghandapna. Naon sababna?
Lantaran kaarifan budaya lokal téh tangtu réa rambat kamaléna. Nya arinyana anu
kudu ngamankeun rupa-rupa palaturan anu geus disahkeun anu tangtu pikeun tujuan
miara, ngamumulé, mekarkeun, sarta ngamajukeun kabudayaan. Dina harti, para
pejabat miboga peran séntral pikeun ngokolakeun kabudayaan daérah. Ari fungsina,
nya éta pikeun kamajuan pangwangunan dina sagala widang anu berbasis kaarifan
budaya lokal. Sanajan Dinas Pendidikan dan Kebudayaan ngabogaan peran séntral
dina nangtukeun konsép-konsép pemajuan kebudayaan, teu ngandung harti Dinas
Dinas séjénna teu boga peran atawa teu kudu milu tanggung jawab, tapi baroga
kawajiban milu mertahankeun kaarifan budaya lokal luyu jeung dalapan budaya téa.
Unsur sistem téhnologi pertanian misilna, tangtu anu boga tanggung jawab téh
SKPD anu ngokolakeun pertanian, nya kitu deui urusan arsitéktur tradisional nya
kudu ku Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang. Urusan kaséhatan jeung ubar-ubaran
tradisional, nya kudu ku Dinas Kesehatan, jsjb.
Ari sacara informal
anu boga peran jeung pungsi pialang budaya dina nangtayungan sarta
ngalanggengkeun kaaripan budaya lokal, nya éta para budayawan jeung ahli
budaya. Para budayawan jeung seniman tangtu anu boga peran ngaéksprésikeun cipta,
karsa, jeung karyana. Sedengkeun para ahli budaya boh akademisi boh
non-akademisi, éta anu baroga konsép anu engkéna méré inspirasi jeung
rekoméndasi ka pamaréntah daérah jeung
budayawan pikeun ngalaksanakeunana. Lian ti para para budayawan jeung ahli
budaya, masarakat ogé mangrupa faktor penting pikeun jadi pialang budaya. Masarakat
miboga hak jeung kawajiban pikeun mikanyaah tur mikareueus budaya bangsana
sorangan. Taya hartina rupa-rupa palaturan jeung konsép lamun masarakat geus
mopohokeun kana bandana sorangan. Jeung taya hartina rupa-rupa palaturan lamun
teu dilaksanakeun ku sakumna panangtu kawijakan.
Ku hal éta, tilu
lapisan unsur anu mangrupa pialang budaya kacida dibutuhkeunana. Peran jeung
fungsina ogé tangtu kudu ajeg, luyu jeung sakumaha pameredih Undang Undang. Ana
kitu dalapan unsur kabudayaan tangtu bakal bisa hirup sakumaha mistina, tetep
renggenek teu kalindih ku budaya deungeun anu béda karakterna. Hal éta bisa
dicindekkeun yén lamun kaarifan budaya lokal di saban daérah bisa ajeg, nya
tangtu baris bisa nanjeurkeun budaya nasional.
*****
0 comments:
Posting Komentar
Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.