Tulisan Kahiji tina Dua Bagéan
Drs. Dodo Suwondo, MSi ( FB. Hyang Purwa Galuh )
Kecap kabudayaan
téh asal kecapna tina budaya maké rarangkén ka-an, asalna tina
basa Sansekerta nya éta
buddhayah, anu mangrupa
bentuk jamak tina buddhi (budi atawa
akal) anu pihartieunana hal anu
patali jeung budi sarta
akal manusa. Dina basa Inggris, kabudayaan
disebut culture, anu
asalna
tina kecap Latin,
colere, nya éta
ngolah atawa
migawé. Bisa ogé dihartikeun
kana ngolah tanah atawa
tatanén. Kecap culture geus jadi banda basa Indonesia, nya éta kultur. Najan antara kabudayaan jeung
kultur saharti, tapi angger geus dina basa Indonesia atawa dina
basa Sunda mah jadi direumbeuy deui, nya éta jadi “kultur budaya” anu
mindeng dihartikeun kabiasaan maneuh di hiji wewengkon atawa komunitas etnis..
Wangenan kabudayaan téh nyaéta sakumna pangaweruh manusa sabagé mahluk sosial anu digunakeunana pikeun maham jeung nginterprétasi lingkungan jeung pangalamanana, sarta jadi dadasar pikeun tingkah-lakuna. Ku lantaran éta, kabudayaan bisa disebut ogé mangrupa ranggeuyan aturan-aturan, pituduh- pituduh, rencana-rencana, jeung strategi-strategi anu diantarana ngawengku saruntuyan modél kognitif anu dimilik ku manusa, sarta digunakeun sacara seléktif dina nyanghareupan lingkunganana, sakumaha ngawujud dina tingkah laku jeung tindakanana.
Baca Juga:
Tarékah Ngamumulé jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Sunda
Delman: Sebuah Alat Transportasi Budaya
Para Camat dan Kepala Sekolah Berdialog Budaya
Dinas Dikbud Kuningan Genjot Pelestarian Kebudayaan Daerah
Sekdes Tercerahkan Sosialisasi UU Pemajuan Kebudayaan
Pendidikan Berbasis Kearifan Lokal
Rany Optimis Pengembangan Potensi Wisata Sejarah dan Budaya di Kuningan
Luar Biasa, Rudat Masih Dilestarikan Masyarakat Kuningan
Saatnya Move On Pada Budaya Kuningan
Ku lantaran kitu wujud kabudayaan téh mangrupa milik anggota masarakat atawa golongan social, anu nyebar ka anggota-anggotana tur pawarisna, sacara turun tumurun ti generasi ka generasi saterusna kalawan dilakukeun ngaliwatan proses pembelajaran sarta bari ngagunakeun simbol-simbol anu ngawujud dina bentuk boh anu kadéngé boh henteu (kaasup rupa-rupa paparabotan anu dijieun ku manusa). Ku hal éta, satiap anggota masarakat ngabogaan pangaweruh perkara kabudayaanana séwang-séwangan anu teu akur jeung anggota-anggota liana. Hal éta dilantarankeun ku pangalaman jeung proses diajarna anu béda-béda jeung lantaran lingkungan-lingkungan anu disanghareupan ku maranéhanana teu salawasna akur.
Tina pedaran
di luhur bisa dihartikeun yén nu disebut
kabudayaan téh henteu sacara heureut saperti anu
mindeng kadéngé ku
urang tina sababaraha pamanggih, yén kabudayaan téh mangrupa hasil cipta, karsa
jeung karya manusa anu nimbulkeun kaéndahan. Kecap
éndah jeung kaéndahan
jelas ngaheureutan surahan harti kabudayaan anu saenyana, padahal
kabudayaan miboga sifat anu universal. Éta
hal téh bisa dititénan tina conto-conto dina kahirupan
sapopoé, saperti dina tata
krama dahar ngariung, misilna. Dina tata
krama waktu dahar ngariung dina budaya Sunda
diantarana kapanggih aturan-aturan saperti; ngalas
kudu ngaheulakeun atawa
méré kasempetan ka saluhureun atawa ka tamu anu
diajak dahar bareng, ngahuapkeun dengeun sangu teu meunang
langsung dicokot tina tempatna, tapi ngalas heula boh kana tobas boh kana
piring sangu─alas sorangan, waktu
nyapék teu meunang
nyéplak sarta sabisa-bisa kudu bari
balem. Nya kitu deui dina ngahuap,
sangu kudu dicomot, teu hadé
dicanggeum, kajaba mun maké séndok atawa jeung
séndok garpuh jsté. Kitu ogé teu meunang nepi ka kadéngé sora trang tréng trong, paadu séndok
garpuh kana piring alas. Éta
sawatara padika waktu dahar dipasamoan. Saenyana aya kénéh padika séjénna anu patali jeung éta.
Lian ti éta budaya bangsa jeung sélér bangsa saperti anu patali jeung masakan ogé ngabogaan ciri masing-masing,
contona rasa masakan padang leuwih mentingkeun rasa asin jeung lada tinimbang
rasa amis, haseum, atawa rasa séjénna, sabalikna sélér Jawa leuwih mentingkeun rasa amis
tinimbang rasa asin.
Conto-conto éta ngabuktikeun yén kabudayaan téh heunteu ngan wungkul patali jeung
kaéndahan, tapi éstuning ngawengku jeung sagala rupa
hal anu patali jeung kahirupan komunitas bangsa/sélér bangsa. Mun sok komo aya anggapan yén kabudayaan ngan wungkul idéntik jeung kasenian. Padahal kasenian mah ngan sabagian tina unsur
kabudayaan. Sajaba ti kitu, tétéla dina kasenian ogé jadi teu wungkul kasenian
tradisi atawa klasik Sunda wungkul, tapi ogé ngawengku sajumlah kasenian kaasup anu datangna anyar
atawa disebut ogé kasenian modéren─hasil prosés akulturasi budaya anu dilantarankeun ayana patali sosial
antar bangsa/suku bangsa anu béda. Jadi kasenian téh lain hiji-hijina ambahan tina kabudayaan atawa ngan
wungkul perkara kasenian, tapi sacara universal kabudayaan mangrupa cipta, karsa,
jeung karya manusa..
Aya sababaraha
katrangan anu nétélakeun yén ambahan kabudayaan téh henteu ngan wungkul kasenian.
Nurutkeun
Kamus Besar Bahasa Indonesia, ambahan kabudayaan téh nya
éta (1) kepercayaan; (2) kasenian
; jeung (3) adat istiadat. Laju sakumaha anu ditétélakeun ku Kuntjaraningrat yén ambahan
kabudayaan téh ngawengku tujuh unsur budaya, nya éta (1) sistem religi jeung upacara kaagamaan; (2) sistem jeung orhanisasi kamasarakatan; (3) sistem pengetahuan (elmu pangaweruh); (4) basa; (5) kasenian; (6) sistem jeung mata pencaharian (pacarian); jeung (7) sistem téhnolohi jeung paparabotan jeung pakakas (peralatan).
Béda
jeung KBBI, Kamus
Umum Basa Sunda (KUBS) mertélakeun yén ambahan kabudayaan
téh ngawengku opat welas unsur, nya éta; (1) basa;
(2) lembaga; (3) agama (cara-cara ibadah); (4) winaya; (5) wijasa; (6) husada; (7) tatapraja; (8) raharja; (9) dramaga; (10) sagara; (11) santika; (12) perdata; (13) undagi; jeung (14) tani.
Tina tilu referensi
perkara ambahan
kabudayaan di luhur, bisa dicindekkeun yén ambahan
kabudayaan di
lingkungan masarakat Sunda ngawengku dalapan perkara, nya éta; (1) réligi (kapercayaan); (2) basa;
(3) lembaga; (4) hukum;
(5) téhnolohi;
(6) pacarian; (7) élmu pangaweruh; jeung (8) kasenian. Tina dalapan
perkara éta ku urang bisa dipaluruh sarta dipedar sarupa-sarupa sangkan écés jeung pertéla.
Nyambung ka Tulisan Kadua:
0 comments:
Posting Komentar
Silahkan Berkomentar...
- Harap sesuai dengan Konten
- Mohon Santun
Terimakasih Telah Memberikan Komentar.